Friday, October 16, 2009

Drama Basa Sunda - Lutung Kasarung

Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti prameswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakanca, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih, nu katujuh Purbasari. Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun badé tatapa di leuweung. Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh Purbasari lain Purbararang, putra cikalna.
Prabu Tapa Ageung   : Anaking, Bapa téh geus ngarasa kolot, kulantaran kitu Bapa rék tatapa di leuweung. Tuluy gaganti Bapa téh anu ngolah ieu nagara nyaéta Purbasari.
Purbararang            : Tapi Pa? Naha lain abdi anu ngagentos Bapa téh? Lain abdi téh budak anu pangkolotna?
Prabu Tapa Ageung   : Bapa milih Purbasari kusabab Purbasari téh bangun pisabareun, pibageureun, leuwih ti nu séjén. Kusabab kitu Bapa leuwih percaya ka Purbasari dina ngolah ieu nagara. Pokona mah ieu kaputusan geus mutlak jeung teu bisa dirobah deui

Tuluy Prabu Tapa Ageung indit tatapa ka leuweung.
Purbasari                : Teu bisa kitu! Kuring teu narima! Kuring salaku budak cikal ngarasa dihina jeung asa ditincak hulu ku adi bungsu sorangan. Pokona kuring nu bakal ngolah ieu nagara. Purbasari, manéh indit…!!!

Purbasari diusir ti Karaton jeung dipiceun ka Gunung Cupu.

***
Kacaturkeun di Kahyangan, Guruminda putra déwata cikalna, titisan Gurian Tunggal ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu.
Guruminda              : Ambu, abdi bieu ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Ambu.
Sunan Ambu            : Jung geura téangan pijodoeun hidep anu sarupa jeung Ambu. Tapi ulah  torojongan, anggo heula ieu raksukan… Lutung…!!!

Janggelek Guruminda rupa jadi lutung katelah Lutung Kasarung.

***

          Kocap deui di nagara Pasir Batang… Niti Suwari ngersakeun haying tuang daging lutung. Tuluy nitah Aki Panyumpit pikeun néangan lutung ka leuweung.
Niti Suwari               : Léngsér! Kuring téh haying dahar daging lutung.
Aki Panyumpit          : Mangga juragan.

Di leuweung…
Aki Panyumpit          : Ka mana nya lutung téh? Meni ka sepi euweuh sasatoan pisan ieu leuwung téh?

Aki Panyumpit geus pegat pangharepan. Barang rék muang, dina  tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Barang rék disumpit, lutung téh nyoara.
Guruminda              : Eh, Aki bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho nu ngaranna karaton.
Aki Panyumpit          : Ih bisa ngomong lutung téh! Heg atuh ari kitu mah, sok geura turun!




Lutung Kasarung dibawa ka Karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya pakarang anu teurak, teu bias dirogahala.
Niti Suwari               : Aya naon Léngsér, asa rariweuh katingalina!
Aki Panyumpit          : Ieu lutung meni ka hésé dipeuncitna, na kumaha atuh ieu téh Juragan?
Niti Suwari               : Pasrahkeun wé ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.

Eta lutung téh dipasrahkeun ka Purbararang. Purbararang keur ngagembrong ninun barang Lutung Kasarung nyampeurkeun. Tuluy koloprak téh taropong Purbararang murag ka kolong Balé.
Purbararang            : Cing lutung, pangnyokotkeun taropoong di kolong Balé!

Tuluy éta taropong téh dicokot. Ari béréwék téh dibebekeun jadi lima, sor disodorkeun ka Purbararang.
Purbararang            : Jurig lutung! Taropong Aing sabogoh-bogoh dibebekeun! Léngsér! Teu sudi Kuring mah, anteurkeun Si Lutung ka Purbasari di leuweung!

Tuluy Lutung dianteurkeun ku Aki Panyumpit ka Purbasari di leuweung.
Aki Panyumpit          : Neng, ieu lutung pamasihan Purbararang kanggo pibujangeun
Purbasari                : Eh, Léngsér, geuning si Tétéh téh aya kénéh adilna, sanajan lutung ogé teu kunanaon, tamba keueung di leuweung. Hatur nuhun béjakeun ka si Tétéh.
Aki Panyumpit          : Mangga Néng.

Caturkeun di sisi leuweung, Purbasari ngagolér dina palupuh sabebek, di hateup welit sajalon. Lutung Kasarung ngangres ninggal kaayaan putri anu sangsara.
Guruminda              : Deudeuh teuing Putri téh nalangsa pisan. Kuring rék neneda ka Sunan Ambu, neda sapaat para Bujangga, niat misalin meungpeung Purbasari saré kénéh.

Raksukan digedogkeun, bray baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan, Panejanan tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajenggleg karatonna leuwih agréng ti nagara. Tempas saré Purbasari jadi kasur tujuh tumpang, disimbut sutra Banggala, disumpal ku benang emas. Janggelek Guruminda jadi lutung deui..
Purbasari                : Ya Allah, naha jadi karaton ano agréng leuweung téh? Alhamdulillah ieu kanikmatan téh meni ka ajaib.

Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara Pasir Batang. Purbararang tambah sirik. Rupa-rupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur ngarah Purbasari.
Purbararang            : Awas manéh Purbasari! Urang bakal ngancurkeun sagalana!

Rupa-rupa ékol Purbararang, antukna PUrbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping, pageulis-geulis rupa. Tapi rahayat jeung jaksa mutus teu weléh Purbasari nu unggul.
Tungtungna Purbararang ngajak pakasép-kasép beubeureuh. Sakasép-kasépna lutung moal ngéléhkeun sagoréng-goréngnana manusa.
Purbararang            : Purbasari, ayeuna manéh bakal éléh kusabab beubeureuh kuring mah manusa ari manéh mah beubeureuhna ngan lutung!

Purbasari ngan bisa cicing rumasa éléh, tenggekna kari saketokeung di teukteuk. Tuluy Lutung Kasarung ngagedogkeun raksukanana, baranyay hurung janggelek jadi Guruminda deui.
Purbararang            : Indrajaya, paéhan éta lutung jadi-jadian, beubeureuh si Purbasari!

Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanna.
Indrajaya                : Ku Aing paéhan sia!

Dina ahirna, Purbasari ngadeg Ratu di nagara Pasir Batang jadi prameswari Guruminda. Ari Purbararang jadi pangangon. Indrajaya dihukum jadi pangarit. Nagara Pasir Batang jadi maju dina pamaréntahan Purbasri jeung Guruminda.

7 comments: