Friday, October 16, 2009

Carita Pondok Basa Sunda - BATU

BATU
Rendy B. Junior
Balé Désa Sukaramé, angin ngahiliwir, motor lalar-lilir lalaunan dina jalanna nu can diaspal, tina taneuh jeung batu kénéh. Di balé, keur  diayakeun musyawarah antara kapala désa jeung warga. Ngamusyawarahkeun duit anu disumbangkeun ku pamaréntah ka Désa Sukaramé.
“Assalamu’alaikum wr.wb. Ayeuna urang saréréa ngariung didieu pikeun mutuskeun badé dikumahakeun sumbangan 100 juta ti pamaréntah. Saur Pa Camat, saéna mah ieu sumbangan téh dianggé pikeun ngabangun ieu désa. Masalahna, naon nu rék dibangun kuurang? Aya nu badé ngaluarkeun pamadegan?”, Pa Kadés muka musayawarah.
Pa Dudin sumanget langsung ngacung.
“Pa Kadés, kumaha lamun urang ngabangun mesjid deui?”
“Maenya mesjid deui, apan karak kamari ngabangun mesjid téh?”, ceuk Pa Tono rada sinis.
“Muhun Pa Dudi, leres saur Pa Tono. Saéna mah ieu sumbangan urang anggé kanggo keperluan anu penting pisan”, saur Pa Kadés.
“Pa Kadés, kumaha lamun urang lereskeun pasar wé atuh, renovasi...”, saur Hj. Enok, juragan jengkol Pasar Sukaramé.
“Ah, éta mah ngeunah teuing didinya, nu boga jongko. Pa Kadés, kumaha lamun urang ratakeun jalan désa, tos teu aya bentukan jalan teh, ngagarinjul batu wungkul, matak paur ka nu nyandak motor. Jeung deuih batu-batu na paur ngabetrik ka nu lalar-lilir di jalan. Mun tiasa mah di cor”, ceuk Mang Ujang.
“Saé tah Kang Ujang, kumaha nu sanés? Satuju teu?”
“Satuju...”, ceuk warga nu séjén babarengan.
Singget carita, dina éta musyawarah kénéh, dibentuk hiji tim proyék pikeun ngaratakeun jalan désa. Anggota éta tim nyaéta Mang Asép, Mang Dudi, jeung Mang Suha. Tiluan éta téh katelah tukang bangunan nu pangjagona di Désa Sukaramé.
Isukna, éta tim ngayakeun survei lapangan, pikeun ngadata naon waé nu diperlukeun jang éta proyék.
“Sok, ayeuna mah urang ukur heula jalanna, supados gampil ngitung bahanna”, ceuk Mang Asép.
Der éta jalan diukur maké méteran nu sok aya di tukang jait.
Saméter... Dua méter... Tilu méter...
.......
Salapan puluh lima meter... Salapan puluh genep meter...
“Wah, Mang Suha, Mang Asép, gawat ieu mah. Aya batu!”, Mang Dudi manggihan batu nu gedé na kacida
“Kudu diangkat ieu mah, pan rek diratakeun heula saacan dicor”, ceuk Mang Suha.
“Kumaha ngangkatna coba, gedé kieu. Kudu diancurkeun heula ieu mah”, témbal Mang Asép.
“Maké naon ngancurkeuna? Gedé kieu batuna, tuh panjangna gé meni sameter satengah”, Mang Suha bingung.
“Maenya kudu ku bor??? Tukang sumur bor di lembur urang téa, mahalna kacida”, ceuk Mang Dudi.
“Ah moal neurak ku bor mah, bangun kandel batuna gé, kumaha atuh?”
“Nya kumaha deui atuh, kudu nyéwa buldoser???”
“Ayeuna mah urang ka Pa Kadés wé, bisi salah”
Tepi di balé désa, Mang Suha langsung nyaritakeun masalah éta batu.
“Urang nyéwa buldoser wé lah ari kitu mah, ari tos ancur mah pan gampang diangkat na gé”, ceuk Pa Kadés.
Der buldoser disewa, aya kana 10 juta kaanggo. Isukna buldoser nu disewa datang.
“Mana batuna?”, ceuk tukang buldoserna.
“Ieu tah”, témbal Mang Asép bari nénjrag éta batu, nincakna ditanagaan.
Kreeekkreekrekk...
KREETEK...
Can dibuldoser, can dikumaha batu téh. Sanggeus ditincak ku Mang Asép éta batu langsung potong, raretak.
“Hor, naha ancur tiheula batu téh???”, Mang Asép bingung.
Tuluy ditempo, ditilikan éta batu téh ku tiluan.
“Ah! Paingan, badag wungkul batu téh!!! Kandelna mah ngan sasenti!!! Ditincak gé potong sakieu kandelna mah!”
“Boro mah geus nyéwa buldoser!!! Lapur aing mah...”, Mang Dudi keuheul.
” Kumaha laporna ka Pa Kadés???”, tiluan baringung.
“Mantakna, mun ningali masalah téh tong sok langsung ngarasa hésé, cobaan wé heula, bisi wé bisa urang pecahkeun masalahna...”, ceuk tukang buldoser tenang, da geus dibayar...
***

15 comments:

  1. tq.. it helps my hw^^

    ReplyDelete
  2. bodor paraaaaaaaaaaaaaah...

    ReplyDelete
  3. Nuhun nya kang,..
    Ieu tugas Bhs Sunda bisa enggeus !! NGABODOR :D

    ReplyDelete
  4. waduh gak begitu ngerti saya

    ReplyDelete
  5. ini cerita tentang apa..?

    ReplyDelete
  6. tentang apa ceritana..?

    ReplyDelete
  7. lamun teu suka tong di poyok, hargaan atuh anu nulis...
    baledogsiah!

    ReplyDelete